Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Umar atraksi tidur berdiri!

umay ngantuk berat
Umay ngantuk berat

Buah jatuh tak jauh dari pohonnya.
Uyah mah tara tè'ès ka luhur.
Like father, like son.


Di Malayu, di Sunda atawa di Barat sarua boga paribasa, nu sarua makna na.

Yèn anak katurunan mawa sifat jeung kabiasaan kolot na, najan teu mutlak tapi bakal aya waè hiji-hijieun mah sifat kalakuan kolot anu nurun ka anak na.

Nasihin Umar Al-Haidar alias Umar bin Enjang, putera kadua ti Enjang Sugianto bin Ahmadi Purnomo bin Ngadiun.

Sok boga laku sarè mun numpak mobil, teuing kumaha sok tunduh wèh beurat sirah cepel panon. Sakumaha kabiasaan Bapa na.



Sok aya jalma tèh anu mabok mun numpak mobil, lieur nepi ka utah. Kuring mah tara, jarang wèh lah ari mabok mah.

Ngan ari ku tunduh mah, ampir tiap numpak mobil sok tibra saré. Ayeuna nurun ka Umar bin Enjang, budak tèh tara elat sarè saban-saban numpak mobil.

Na pidèo jelas katinggal, Si Umar eukeur nundutan. Ampun paralun, lain teu dicokot heug dilahun. Lain teu dicekelan.

Ngan harita Si Umar ngadat saban dilahun atawa dicekelan tèh.

Padahal lain ku nanaon, kolot anu ningalikeun mah nya'ah sieun labuh atawa kumaha onam.

Bangun ku ngorèjat ngadadak hudang siga nu cènghar bari ngadat, nampik dicekel komo bari ditunda di na lahunan mah.
Meureun Si Umar rarasaan na mah 'strong', ngarasa diri na 'baik-baik saja' menikmati perjalanan.

Padahal na mah batur nu lalajo, teu kurang-kurang nyareri beuteung bakating teu kuat ku nahan seuri.

Ngaran na gè balita, "rasa kantuk yang tak diakui", bukanlah sebuah dosa.



Ngan saukur hiji pèpèling, yèn urang salaku kolot kudu bisa jadi conto nu hadè pikeun budak.

Sabab budak ngajiplak laku-lampah lingkungan na tampa milih bener jeung salah.***