Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Udud Daun Kawung

Udud Daun Kawung
Udud Daun Kawung
Imah Hejo - Datang ka Imah Hejo, dua babaturan baheula keur SMA, Kang Yudi Agustian jeung Kang Pikoy (poho ngaran asli na mah).

Pamaksadan rek survey lokasi wisata Pasir Langlang Panyawangan (Ujung Aspal), kanggo kegiatan kemah.

Cenah sakalian nyimpang ka Imah Hejo silaturahim, ngawangkong heula pulitik saeutik.

Anu matak jadi spesial nyaeta, Kang Pikoy mawa udud daun kawung lengkap jeung dua rupa bako, bako biasa jeung bako tampang.

Nya kuring hayang ngasaan, sabab geus lila teu udud ieu daun kawung. Sainget sorangan, sok udud daun kawung teh baheula keur SD atawa SMP meureun.

Ulin ka sawah nepungan aki-aki, terus disoro daun kawung na. Ti saprak harita, pleng tah teu udud deui daun kawung.

Daun Kawung

Udud daun kawung bahan na ti na tangkal kawung. Daun anu ngora diala, piceun nyere na, terus dipoe nepi ka garing, teukteukan weh sakira na panjang lima atawa tujuh sentian.

Cara make na digulungkeun, meh leuwih nikmat nya eusian gulungan daun kawung eta make bako.

Janur Kuning 


Di lembur mah daun kawung ngora lain jang udud wungkul, tapi oge bahan jang nyieun janur kuning, paranti ciri jang nu keur hajatan ningan.

Cara nyieun nya sarua, ti na daun kawung ngora, dipiceun nyere na, terusa dianyam di na gebog cau make tihang awi.

Udud Daun Kawung
Janur Kuning
Dirangkay sankan alus bentuk na sakumaha biasa na, sarupa ning umbul-umbul.

Tukang dekorasi hajatan biasa na mah bisaeun, ngan kiwari mah hese neangan bahan na.

Sabab tangkal kawung loba nu nuar, dibeuli tangkal na, cenah diala aci na. Tapi ti na daun kalapa oge bisa, tenang weh.

Tragedi Tangkal Kawung 

Aya calo datang nanyakeun tangkal kawung rek dijual moal? Dijawab ku kuring, moal.

Tapi ditingali eta tangkal kawung uing teh dituar, ditatanyakeun ka tatangga kebon cenah dituar ku bandar da bebeja na mah urang teh ngajual eta tangkal kawung.

Teu antaparah, uing ngontrog calo nu kamari ka imah, klarifikasi kunaon tangkal kawung uing dituar. Jawab na cenah hampura, salah nuar!

Modus....terus rek tanggung jawab, rek dibayar 100 rebu eta tangkal kawung nu teu kahaja salah nuar (Murah kabina-bina).

Uing ngan boga hiji-hiji na, mun melak ngadadak, ngadagoan 7 atawa 8 taun kakara bisa diala lahang na.

Geus kitu, eta si calo teu mayar-mayar nepi ka ieu tulisan diposting.

Foto heubeul, misahkeun injuk ti na harupat.
Foto heubeul, misahkeun injuk ti na harupat.
Tangkal kawung ieu ngaran binomial na Arenga Pinnata, loba pisan alaeun na siah! Yeuh urang sebutan nu kainget nya:
  1. Lahang, bisa diinum amis rasa na seger!
  2. Wedang, cai lahang digodog. Rasa na amis siga cai panas digulaan, kareu'eut.
  3. Tuak, cai lahang difermentasi jadi minuman anu ngandung alkohol, jang mabok atawa jang ubar.
  4. Gula beureum, gula anu kiwari loba dipalsukeun atawa nyieun na dioplos jeung gula bodas atawa make aci.
  5. Gula kurud, gula beureum ganduan diiris halus. Jang dicocol make beuleum sampeu (bolostrong) atawa jang maturan nginum kopi.
  6. Gula Semut, gula anu diserbuk-guruntulkeun, pernah koncara sa-Indonesia gula cikeris (Kacamatan Bojong-Purwakarta)
  7. Udud, daun kawung ngora dipoe nepi garing.
  8. Janur Kuning, paranti hajatan nu kawinan.
  9. Sapu Nyere, sapu heuras leuwih ti sapu nyere kalapa. Ngeunaheun jang sasapu diburuan nu loba jukutan.
  10. Pena, memeh aya patlot jeung pulpen baheula nulis make nyere kawung diseukeutan, dianclomkeun ka na mangsi (tinta)
  11. Pupur atawa bedak, memeh jaman bedak Wardah, baheula mah awewe meuleum dahan kawung nepi ka tutung jadi lebu. Tah eta lebu na dioleskeun ka na pipi meh bodas tur geulis.
  12. Tali Injuk, tali injuk nyaeta tali ti na bahan injuk anu warna na hideung sarupaning sarabut. Siga benang, dipintal heula, digele sina ngahiji tur manjang. Tali na dipake jang sagala rupa kabutuhan.
  13. Sapu injuk, ayeuna oge loga keneh. Teu kudu loba dicaturkeun.
  14. Aci Kawung, Aci ti na kawung geus mulai rada jarang. Melak tangkal na jarang nu daek, tapi nuar na meni babari. Aci kawung salah sahiji bahan jang kadaharan anu ngeunah.
  15. Ukiran, kai na disebut ruyung. Teuas kacida, matak ukiran na kokoh jeung nilai seni nu teu sapira, biasa na maen ekspor, sabab di luar negri leuwih dihargaan.
  16. Suluh, di na basa Indonesia mah meureun kayu bakar. Sabab kai na teuas, matak alus jang suluh.
  17. Parabot dapur. Bangsa cukil, susuk, mutu malahan coet aya nu bahan na ti na ruyung. Mahal mun meuli di supermarket Giant mah parabot bahan tangkal kawung teh.
  18. Harupat, nyaeta injuk nu heuras na. Sarua siga tadi, bisa dipake nulis, dijieun pelor senjata sumpit atawa dijieun hateup. Oh heu'euh, mun kawinan oge ningan sok aya ritual meuleum harupat.
  19. Hateup, mun basa Indonesia na mah meureun atap. Bahan na ti na injuk atawa harupat na.
  20. Kolang-kaling, mun asup bulan puasa kolang-kaling sok payu, da ku nu puasa sok dijieun kolek atawa kadaharan lian na. Ieu teh ti na siki buah kawung atawa anu sok disebut caruluk.
  21. Cape ah, teangan deui weh nyalira, kagunaan ti na tangkal kawung mah da loba pisan euy.... (*)
Search keyword: daun kawung,daun kawung adalah,manfaat daun kawung,khasiat daun kawung