Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Umar bin Enjang diganggu keur solat

Umar bin Enjang diganggu keur solat
Jaka bin Enjang sareng Umar bin Enjang resep di jero Masjid
Imah Hejo - Shalat maghrib di Masjid Agung Purwakarta, budak dua oge sarolat. Biasana lanceukna nu sok diganggu mun keur solat.

Ayeuna mah gantian, lanceukna nu ngaganggu adi na nu keur solat. Jaka bin Enjang numpakan Umar bin Enjang pas keur sujud.

Rek dicarek asa teu wasa, mungkin ieu 'dinamika' kahirupan adi jeung lanceuk, antep weh, malah ku kuring divideo sakalian.

Ti mimiti asup masjid, galagat na asa rada beda. Umar bin Enjang siga nu atoh leumpang ka tengah-tengah masjid, kitu deui lanceuk na.

Mulai rada lulumpatan, bari neangan indung na nu keur solat di tempat awewe.


Masjid Agung Baing Yusuf Purwakarta 

Masjid Agung anu dibangun ku warga Sindangkasih di na kisaran taun 1830-an.

Pembangunan dipingpin ku Haji Yusuf (Baing Yusuf) anu di na waktos harita ngajabat Penghulu Kepala (Hoofdpanghulu).

Di na pangawasan ti Bupati Kabupaten Karawang anu nami na nyaeta R.A.A. Suriawinata.

Foto heubeul Masjid Agung Purwakarta
Foto heubeul Masjid Agung Purwakarta
Sakumaha carita sajarah anu aya di na Wikipedia, cenah saparantos na Walanda merdeka ti Inggris di taun 1920-an, maka Hindia Belanda (Indonesia) oge balik deui jadi jajahan Walanda.

Taun harita (1920-an), Kabupaten Karawang dihirupkeun deui, anu janten Bupati nyaeta R.A.A. Suriawinata ti Bogor.

Foto Masjid Agung Purwakarta anu kiwari
Foto Masjid Agung Purwakarta anu kiwari
Babak anyar Kabupaten Karawang, Wanayasa janten ibukota kabupaten na.

Lajeng ngalih ibukota na ka Sindangkasih, di na warsih 1930-an ngarujuk ka na Surat Kaputusan (Besluit) Pamarentah Kolonial kaping 20 Juli Taun 1931 Nomor 02.

Di na waktos ieu mulai dibangun na Alun-alun, Pendopo, Masijid Agung sareng fasilitas sanes na. (*)