Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Ngala nangka di Imah Nenek Tua

Ieu buah nangka na asak teuing

Imah Hejo - Iraha melak na, Nenek teu apal.

"Siga na jadi nyalira", kitu ceuk Nenek na Jaka.

Sok aya buahan, tapi tara dugi ka ala. Matak pas kamari aya gori dua siki, gori leutik na dipiceun. 

Nu badag na dibungkus make karung. Harepan na, ameh pertumbuhan na maksimal.


Ieu tangkal nangka, padèmpèt ngahiji jeung tangkal peuteuy. 

Unsur hara bakal parebut, tapi dua na na tos kagok baradag, moal bisa dipisahkeun.

Diteang unggal ngalongoj nene, tapi kamari lila teu ka nene. Pas diteang, nangka tis asak teuing. 

Jarot na tos badag siga daging, daging na tos kaluar akar ti na siki tembus kaluar.

Tangkal Nangka na tukangeun abdi

Rasa na mah tos kirang amis, siga na sabab siki na tos akaran di jero, atanapi sabab seueur hujan. 

Tapi lumayan, jarot na amis pisan teu benten sareng daging nangka na.

Tingal, sabab dibungkus nangka na mulus teu kaserang ulam. 

Biasa na mun teu dibungkus sok dieunteupan lalat buah, terus lalat atanapi laleur eta jari ulam di na daging nangka. Nangka baruruk pas asak na. (*)